2 Raja-raja 20
Dina mangsa eta Hiskia teu damang, samar kana damang deui. Jol Nabi Yesaya sumping nepangan, ti dinya misaur, "Timbalan PANGERAN, Sang Raja geura wewekas, margi moal damang deui."
Hiskia malik ebogna mayun kana tembok tuluy sasambat,
"Nun PANGERAN, masing emut yen abdi ngawula ka Gusti teh kalayan satia satuhu, naon sapangersa Gusti salamina ku abdi dilakonan sakiat-kiat," saurna bari nangis sesegruk.
Geus kitu raja ku Yesaya dikantun. Tapi memeh Yesaya kaluar ti palataran tengah karaton, ku PANGERAN dipiwarang
nepangan deui ka Hiskia, raja umat PANGERAN, dipiwarang nepikeun dawuhana-Na ka anjeunna, kieu, "Kami, PANGERAN, Allahna Daud karuhun maneh, geus kagugah ku panyambat jeung cipanon maneh. Heug maneh ku Kami rek dicageurkeun, tilu poe deui oge maneh geus bisa deui leumpang ka Bait Allah.
Umur maneh ku Kami ditambah lima belas taun deui. Tur maneh jeung ieu nagara Yerusalem rek diluputkeun ti raja Asur. Ieu nagara ku Kami rek diraksa, pikeun miara kamulyaan Kami jeung ku sabab Kami geus jangji ka abdi Kami Daud."
Ti dinya Yesaya ngawartoskeun ka ponggawa yen sang raja bareuhna kudu dipopokan ku buah kondang, tangtu damang.
"Naon kangge tawisna yen leres PANGERAN bade nyageurkeun deui teh sareng tilu dinten deui kaula bakal tiasa deui ka Bait Allah?" saur Raja Hiskia ka Yesaya.
Saur Yesaya, "Tawisna ti PANGERAN yen Mantenna leres-leres bakal ngabuktoskeun pangandika-Na, nya eta kalangkang tangga. Kahoyong Sang Raja kumaha, naha kalangkangna teh sina majeng atanapi sina mundur sapuluh gurat?"
Saur Hiskia, "Sina majeng mah gampil. Jadi sina mundur sapuluh gurat."
Yesaya neneda ka PANGERAN, seug kalangkang tangga anu geus maju dina kalang buatan Raja Ahas tea mundur deui sapuluh gurat.
Meh bareng jeung eta kajadian, aya utusan Raja Merodak Baladan anak Baladan ti Babul, mawa surat jeung kikintunan dumeh raja Babul ngadangu yen Hiskia tas teu damang.
Eta utusan-utusan ku Hiskia ditampi, malah dicandak ningalian rajabranana, emas, perak, seuseungitan jeung minyak seungit kitu deui pakarang-pakarang kamiliteran. Cindekna saniskara anu aya di gudang rajabrana jeung nu aya di sakuliah karajaanana dipintonkeun, teu aya anu teu ditembongkeun.
Sumping Nabi Yesaya ka Raja Hiskia sarta mariksa, "Eta jalmi-jalmi ti mana, sareng naon sanggemna ka Sang Raja?" Saur Hiskia, "Jalmi-jalmi ti nu tebih, ti Babul."
Yesaya naros deui, "Naringalan naon di karaton?" Saur Hiskia, "Naringalan saniskanten bae. Sakur nu aya di gudang rajabrana ku kaula ditembongkeun."
Saur Yesaya ka raja, "Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa,
engke dina hiji waktos, naon bae anu aya di ieu karaton, sagala rupi anu kenging ngempelkeun karuhun Sang Raja dongkap ka dinten ieu, sadayana bakal diakut ka Babul, moal aya anu dikarikeun.
Putra-putra Sang Raja, putra-putra teges, bakal aya anu diboyong ka ditu sareng dikabiri, sina kumawula di karaton raja Babul."
Kahartoseun ku Raja Hiskia yen anjeunna mah sapanjang jumeneng keneh bakal tetep aman santosa. Ku sabab eta anjeunna ngawaler, "Eta pangandika PANGERAN anu dikedalkeun ku Ajengan ka kaula nawiskeun kasaean Mantenna."
Carita Raja Hiskia salian ti eta, hal kapahlawananana, hal anjeunna ngadamel bendungan jeung ngadamel torowongan cai pikeun kaperluan nagara, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
Sanggeus Hiskia pupus, putrana anu jenengan Menase ngagentos jadi raja.